NYUKCRUK GALUR SPOOR STASIUN TJIBATOE KA STA. GAROET

Waktos Jaman Nederlandsch Indiesch, dina kaping 14 Augustus 1889,  ngamimitian  pangwangunan  jalan spoor ti  Stasiun Bandoeng ka Tjitjaléngka digawéan ku DINAS STAAT SPOOR WEGEN - DE BURGERLIJKE OPENBARE WERKEN (BOW-SS), nu dipupuhuan ku Tuan Ir. Th. A.M. RUIJS (1898-1901).

Dina tahun 1899 diteraskeun ngawangun jalur spoorlijn  ka Tjibatoe (Luhur: 612 M) nu diteraskeun ka jurusan Stasiun Garoet (Luhur: 700 M), nu ngaliwatan  Halteu Pasir Jengkol, Halteu Cimaragas, Halteu Wanaraja (Cipari), Halteu Cinunuk, Halteu Cibolérang, Halteu Cikolé, Halteu Sadang, Halteu Cimurah, Halteu Pasir Uncal (Cidahu) nu Akhirna nepi Ka Sta. Garoet, jauhna ± 16 kilométeran, rada nanjak béda luhur ±100 Méteran ti Beungeut Cai Laut jeung Sta. Tjibatoe, maklum Garoet mah kasebut  Dayeuh Luhur.

Dina Tahun 1920, Gubernur Jenderal  ti Buitenzorg Tuan Dick Fock (1921-1926) remen larsup ka wewengkon Kabupatén Garoet, ngaistrénan pangwangunan fasilitas-fasilitas kota nu tos réngsé. Harita kaayaan rahayat  boh ti padésaan, komo deui di puseur dayeuh mah seur  pisan kamajuanana, tanwandé harita sok disebut “Jaman Normaal”, jaman dimana rahayat kaayaan maju dina sagala widang, boh tina tatanén, buburuh di Hotél, kitu deui digawé di Perkebunan atanapi di Fabrik-fabrik babari pisan, heunteu pisan ngalalagur, kabéh mancén gawé, atuh kawilang jaman harita mah kaayaan teu hesé nyiar kipayah, sagala pangabutuh  lubak-libuk. Saur sepuh   Baheula nu ngalaman waktu harita, cenah dunya téh teu ahéng siga di alam peperangan. 

Kitu deui  pangaruh kana angkutan Karéta Api,  demi  pikeun angkutan hasil Perkebunan, Kehutanan jeung Pertanian, jadi ramé lar-sup jelema ti siklukna, boh ka Bandoeng, atanapi ka nu jauhna Pasar Senén Batavia, malihan ka Sukabumi dugi ka Bagor (Buitenzorg), kitu deui ka jurusan ka Wétan. Maklum harita hiji-hijina lawang  lar-sup ka tatar Garoet iwal via Stasiun Tjibatoe.  

Aya ogé  para “Tourist  Europa” nu hoyong pelesiran nempoan kaéndahan tatar Garoet, kumargi cenah Garoet téh  tos kawentar kajana pria ku selogan “DE MOOIE GAROET” téa. Malihan Seniman  Film bekén bobodoran CHARLIE CHAPLIN sareng Aktris MARY PICKFORD kantos dua kali dongkap ka Tatar Garoet. Salain ti éta Tuan GEORGES CLEMENCEAU Perdana Menteri Perancis (1906-1909, 1917-1920) oge kantos pelesiran ka tatar Garoet, sadayana nganggé perjalanan KA nu Lungsur di Stasiun Tjibatoe. 

Mohaka jaman harita mah Stasiun Tjibatoe téh kawilang sibuk naker, di buruan  parkir stasiun pinuh ku  Taksi Hotel  nu ngantosan para tamu nu badé pelesiran ka Tatar Garoet, di balé-balé Peron pabaliut jelema nu datang jeung nu rek indit. 

Kitu ogé pikeun barudak sakolaan geus jadi langganan maké Kareta Api Abondement, biasa  sok disebut “Trein Jongen”,   akrab pisan kana perjalanan  KA ti Cibatu ka Garutkeun, dina “Jadwal Waktu Miang jeung Balikkeun”, kulantaran  jaman harita mah Garoet téh, tempat pangjojoan pikeun  sakola barudak, nu rek “Tolabul Ilmu Kanyaho”,  maklum  sakolaan munggaran aya diwewengkon Garoet, sapertos CHICS , Christelijk Holandsche  Inlandsche Chineesche School tahun 1910 di Talun jeung HIS, Hollandsch Inlandsch School, tahun 1920 beh Wétan Alun-Alun pagedéng-gedéng jeung Wangunan BUI, aya oge Sakola Pertukangan Ambacht Inlandsche School di Maktal deukeut Walungan Cimanuk. 

Khusus Gerbong nu sadiakeun pikeun jalur Cibatu-Garu Kelas III seri CL , réana tilu untuyan gerbong pikeun  barang, jeung keur panumpang. Di jero gerbong  disadiakeun bangku  ngajéjér tilu jajar, nyaéta dua jajar ti sisi deukeut  jandéla jeung nu sajajar deui  di tengah-tengah gerbong, tapi nu sok jadi rebutan jajaran nu sisi deukeut jandéla kahiji, bisa nyawang  éndahna pamandangan sapanjang perjalanan, saperti kaéndahan sawah-sawah nu ngeplak satungtung deuleu,  kitu deui pagunungan  nu ngemplok hejo siga nu ngilu maju, tapi kadang kala nu jadi karisi numpak Karetan Api teh iwal ti haseupna nu hideung tur ngeres pinuh ku  keusik  batubara, katebak angin asup ka jero gerebong  matak jadi kotor kana baju, salain ti éta ciri Lokomotief mah aseupna hideung jeung bodas, sora mesin sing jarejos, tanaga bedas, maklum nginumna cukup ku cai atah nu ditaheur ku ruhayna seuneu batubara, kadang-kadang ngaduruk suluh oge bisa jalan.

Carita nu matak pikaseurieun pangalaman lalampahan numpak  KA,  waktu  KA rék miang  atawa langsir nyambungkeun lokomotief jeung gerebongna, sorana ahéng. Héong sora hatong karéta disadakeun, “GIJLEG.. GIJLEG.. GEBRUG”, ngadadak panumpang dérétan tengah ngagarubrag ka gibegkeun jeung kasentak ku  gerbong nu rék ditarik ku lokomotief, maklum teu aya paragi nyekel, atuh kabéh panumpang asa disurungkeun, tanwandé aya ogé nu pada labuh ka dorong ku nu panumpang nu lain, saperti dina carita lalampahan ”RUSDI JEUNG MISNEM” dina KA,  aya nini-nini kaselek  ku sisig bako, akibat kagejligkeun ku langsirna karéta. 

Aya deui Carita traine jongen kang Maman nu pikaseurieun, nu judulna: 

MEUNANG KAÉRA DINA  KARETA

Ras inget jaman sakola baheula waktu SMP jeung SMA taun 63 tepi ka taun 1970 di Garut. Indit ti imah téh naék karéta api (KA) ti subuh kénéh ti halteu Pasirjéngkol. 

Biasa KA Cibatu-Garut mah sok pasesedek ku penumpang. Budak sakola, pagawé kantoran, campur jeung tukang dagang.

Karék halteu Pasirjéngkol ogé harita téh gerbong geus pinuh. Untung kuring meunang tempat diuk nu merenah. Lebah halteu Wanaraja KA eureun naékeun penumpang. 

Teu lila aya penumpang lalaki tengah tuwuh sésélékét muru tempat nu didiukan ku kuring. 

"Cing jang ngéléhan, bapa teu kuat hayang diuk," ceuk si bapa rada ngalengis.

"Punten Pa ieu mah parantos aya nu ngeusian, Abdi mah mung nyalikan wungkul," ceuk kuring.

Si bapa ngajauhan néangan tempat nu kosong tapi teu manggih, manéhna katémbong baeud bangkenu biwirna jamedud siga tomat buruk.

Henteu lila aya mojang geulis  ngadeukeutan kuring, teu talangké kuring geuwat nangtung."Néng calik atuh sok didieu, hawatos mangkaning ka Garut lami kénéh," ceuk kuring.

Si mojang bungaheun, gék diuk dina korsi urut kuring. Mireungeuh kitu ti kajauhan si bapa kaciri ambek, manéhna seseledek deui nyampeurkeun kuring pok ngomong bari tutunjuk.

" Naha Jang ari ka aing teu dibikeun, ari ka awéwé mah teu dikorétkeun, dasar pikasebeleun manéh mah!".

"Punten Pa.... ieu mah pun adi Pa anu tadi diantos ku abdi téa!" walon kuring kalem.

"Naon....? Adi maneh....? Adi timana horéng.  Ieu mah anak aing deuleu! Ti iraha aing boga anak maneh !?," ceuk si bapa bari popolotot.

Kuring bati calangap teu bisa ngomong. Katempo sababara panumpang nu aya didinya loba nu seuri kéom nyeungseurikeun.

🤭😜😫😆🤣

Dina tahun 1984an jalur spoor  Cibatu ka stasiun Garut  teu diaktifkeun deui ,alesana mah onderdeel lokomotief geus dieureunkeun pangiriman ti Negeri Jerman  jeung Blanda. Kaduana , PT.KAI ngarasa rugi baé, saingan  jeung moda angkutan nu lainna ti éta nu nginumna Bénsin jeung Solar, ongkosna jauh deukeut mung sarebu perak iraha wae bisa miang, ceuk paribasa indit ti golodog imah, eureun di hareupeun imah. Ari wangunan Stasiun Cibatu mah teu aya robihna kawas baréto, “lir teu luntur ku usum laas ku panjamanan”, original kénéh mung sepi teu sibuk larsup siga baréto.

Tapi mun maca kana uga ramalan Karuhun Garoet, kantos sasauran nu unggel : “ÉNGKÉ JAGA LAMUN KARÉTA API GEUS TEPI KA PAMEUNGPEUK (GAROET BÉH KIDUL) CIRI WANCI NAGARA URANG (DAYEUH GARUT) BARIS PAPANGGIH JEUNG NAGARA GAROET ANU SUBUR MAKMUR LOH JINAWI RÉA KETAN RÉA KETON”, tapi asa pamohalan, kiwari Halteu-halteuna gé geus teu diloris, culjeun,  malah salin jinis jadi panyayangan manuk Kapinis, kitu deui spoorna geus karuang ku jalan beton pikeun lalar liwat motor, jambatan geus jadi cukang pameuntasan, manglebarkeun éta wangunan ngan kari panineungan waktu hirup jaman “Cacing Dua Saduit”, mangkaning waragad pangwangunan jalan spoor kaétang mahalna, waktu harita cénah rata-rata nyéépkeun waragad per Kilométérna ± £ 81.580 Gulden,  teu acan waragan pikeun nyadiakeun mesin lokomotief jeung gerbongna. Alhamdullilah kiwari awal tahun 2019 ngawitan dibebenah deui,  nu tos lapuk diteureuy jaman ngawitan dihirupkeun nu geus ka kubur ku lemah dihudangkeun deui, gening  teu jadi  ”Belut buluan" cag....

Direka-reka ku : R. Affandhi tambihan Carita ti kang Maman Suparman

Post a Comment

Previous Post Next Post